Jump to content

Commons:Bagéa

From Wikimedia Commons, the free media repository
This page is a translated version of a page Commons:Welcome and the translation is 65% complete. Changes to the translation template, respectively the source language can be submitted through Commons:Welcome and have to be approved by a translation administrator.
Outdated translations are marked like this.

Naon ari Wikimedia Commons téh?

Wikimedia Commons téh gudang média nu diciptakeun sarta dikokolakeun lain ku seniman bayaran, éstu sacara sukaréla. Ngaran "Wikimedia Commons" ieu diturunkeun tina "Wikimédia" nu mayungan sarta ngokolakeun kabéh proyék Wikimédia sarta kecap "commons" dumasar kana eusina nu dibagi kana rupa-rupa vérsi basa sarta rupa-rupa proyék Wikimédia. Ku kituna, ieu téh mangrupa gudang pikeun poto, diagram, animasi, lagu, téks nu diomongkeun, klip vidéo, sarta sadaya média nu bébas lisénsi nu mangpaat pikeun proyék-proyék Wikimédia.

Wikimedia Commons migunakeun téhnologi wiki nu sarua jeung Wikipédia, sahingga sing saha waé bisa ngédit langsung dina panyungsi ramat sacara langsung. Teu kawas koropak média nu dimuat dina proyék séjén, média nu dimuatkeun ka Wikimedia Commons mah bisa disambungkeun kana kaca-kaca kabéh proyék Wikimédia tanpa kudu dimuat sacara misah.

Ti saprak medal tanggal 7 Séptémber 2004, Wikimedia Commons nincak koropak média nu ka-100.000 dina 24 Méi 2005, sedengkeun kiwari ngandung 142.237.081 koropak sarta $2 koléksi (angka dina notasi Anglo-Saxon). Pikeun leuwih jéntré ngeunaan proyék Wikimedia Commons bisa dibaca dina Commons:General disclaimer|Bantahan umum]], di Kaca Wikipédia ngeunaan Wikimedia Commons, sarta kacana dina Meta-wiki.

Teu kawas gudang média tradisional, Wikimedia Commons mah haratis. Sing saha waé bisa nyalin, maké, atawa ngarobah koropak nu aya dina ieu proyék kalawan bébas, asal sumber sarta nu nyieunna disebutkeun sarta anjeun kudu medalkeun tironan ieu kalawan kabébasan nu sarua pikeun batur. Basis data Wikimedia Commons sarta téks nu aya di jerona dilisénsikeun dina